AJANG EMA TI AJRIL


Ahad, ping 28 Juni kamari kuring sareng réncang kapapancénan tugas ti Komunitas Ruang Peduli pikeun ngiring kagiatan Makan Bareng Yatim di Bukit Madu Tawon, Nagrak, Sukabumi.
Indit téh ti Basecamp Ruang Peduli dinten Saptu pasosoré, da niat téh hoyong sabari niis camping diditu, tempatna éndah, kebon entéh satungtung deuleu, mantak tiis ceuli hérang panon. Wanci sareureuh budak, kuring jeung réncang tos dugi ka lokasi, gancang ténda ditangtungkeun, matras diamparkeun, kalengkepan masing-masing diperenahkeun.


Teu lila Kang Dodi salaku pupuhu komunitas ngajak ngariung bari tos nyadiakeun kopi arabica hasil ngolah ti mimiti melak  nepika tiasa diregot, kenging anjeuna. Nikmat tur mantak deudeuieun. Dina riungan éta Kang Dodi ngajéntrékeun naon baé anu isukan bakal dipigawé jeung saha baé anu kabagéan tugas di masing-masing kagiatan. Geus sapuk sadayana kakara tiasa ngadaweung di ténda bari ninggali pamandangan anu sakitu éndahna, lampu palemburan tingkaretip tikajauhan. Teu lila kuring saré, ongkoh asa capé. 
Isuk-isuk wanci carangcang tihang sadayana panitia tos siap. Tabuh dalapan acara tos dikawitan, dibuka ku pupuhu Désa. 
Asup kana acara inti nyaéta Makan Bareng Yatim, kuring kabagéan ngaping budak umur 6 taun, namina Ajril. Éta budak téh salila panitia nuju babagi katuangan teu pati bérag. Kuring bingung, da sieun teu betaheun atanapi émang nuju teu pati séhat. Saréngséna panitia babagi, Ajril keukeuh cakutem teu jigrah, ditanya itu ieu angger teu daék némbalan.


Nyérélék geus ngadu'a sasarengan Ajril naros, "Kang, ieu katuangan tiasa dibungkus teu? Badé dituang di bumi wé". Saurna. 
"Naha badé tuang di bumi? Kapan langkung raos sasarengan, tuang sareng Akang didieu, ku Akang dihuapan". Ajril keukeuh alim. 
"Émut ka Ema Ajril mah, badé dituang di bumi wé sareng Ema". Reg haté kuring ngageter, teu karasa cimata reumbay, geuwat Ajril ditangkeup. Teu sangka budak leutik anu can apal naon-naon kanyaah ka indungna tetep cumantél.
Alatan gedé kanyaah ka indungna pakét katuangan Ajril ditambihan deui kangge Emana Ajril di bumi.
Seeur pisan pangajaran-pangajaran anu tiasa dipetik ku abdi tina kajadian-kajadian kawas kitu.


Ngahaturkeun rébu nuhun ka Ajril. Ku Akang di du'akeun mugya Ajril janten murangkalih anu soléh, mangpaat keur balaréa.

Lebih baru Terlama

Related Posts

Posting Komentar

Subscribe Our Newsletter