PAPASTÉN
"Atuh bapa mah moal enya jadi malarat lantaran dahar di Restoran unggal poé". Ceuk Rina
"Hih, lain ku lantaran kitu baé nu mantak malarat téh, aya ogé anu dikersakeun ku gusti Allah. Saperti Haji Dudi, urang Cidahu. Asalna manéhna beunghar pisan, pagawénna dagang daging hayam di pasar Cicurug, unggal nu hajat di lembur geus pasti mesen ka manéhna. Malahan di lembur éta mah pangbeungharna, eweuh anu ngungkulan. Ari nu mantak beunghar lain titinggal kolotna, tapi ladang késang sorangan".
"Har! moal enya aya beunghar ladang késang!" Rina némbal bari héran.
"Ih! Ari sia, ari anu disebut ladang késang téh lain manéhna ngadagangkeun késang sorangan, ngan manéhna digawé satemen-temenna, supaya cukup sandang-panganna. Kieu gera yeuh carita asalna, baheula Haji Dudi ti umur sapuluh taun geus ditinggalkeun ku kolotna. Hadéna baé aya batur anu nyaaheun, Ki Hasan, tukang dagang sayuran di pasar. Atuh tuluy dikukut, disakolakeun jeung diperhatikeun sagala kabutuhan hirupna, kitu deui éta Haji Dudi téh budak bageur sok daék bunta-bantu. Atuh makin nyaaheun Ki Hasan téh. Kira-kira umur tujuh belas taun, Haji Dudi geus kaluar ti Sakola, tuluy diwarah dagang dibawa ka pasar pikeun babantu punggal panggul dagangan Ki Hasan.
Ku lantaran suhud tur bageur, Haji Dudi dipercaya, sok rajeun dititah nungguan lapak dagang mun sakalieun Ki Hasan nyaba atau hayang libur.
Unggal poé ka pasar, Haji Dudi sok dibéré duit. Éta duit téh tara dibeulikeun naon-naon, anggur mah sok dicéngcéléngankeun.
Kira-kira umur dua puluh hiji taun, céngcéléngan téh ditéang. Bet geus loba. Duitna geus bisa dipaké barang dagang, Haji Dudi ngamulai dagang kana daging hayam.
Tidinya tuluy manéhna misah dagang ti Ki Hasan. Mimitina mah dagang lulumayanan baé, tapi lila-lila jadi loba, malah geus ngungkulan Ki Hasan. Tungtungna jadi pangbeungharna di lembur éta.
Tapi dina hiji peuting, keur waktu sararé, deukeut imahna aya nu kuhuruan, kanyahoan sotéh geus méh béak kaduruk. Atuh eweuh tulunganeun, duit, banda, jeung sajabana béak teu nyésa. Ti semet harita manéhna malarat nepika ayeuna....."
"Tah, kumaha lamun kitu?" Ceuk Bapa Rina.
"Enya, kumaha atuh nya Ema?"
"Hih! Ari sia! Urang mah ulah nepika kitu, angguran mah neneda ka Pangéran, sing mulus, rahayu, sagung dumadi, ulah pinanggih balai saumur hirup".



Ayeuna kumaha eta nasibna kang Haji?
BalasHapusSaurna kana jasa ngalahun munding, upami sempet osok kana nyiaran kutu. 😁
HapusNu ngaduruk na hayam nu sok di jualan ku kang haji. Hehe
BalasHapusJigana mah kitu, keun eta hayam kudu dikakalakeun. Urang bongohan.
Hapus