SAUNG KADEUDEUH




Bedog geus ting guntayang dina cangkéng, Ragaji geus dikeukeuweuk baé ku si Égi. Kawas nu heeuh rék pangdigawéna.

Isuk ieu barudak ti lembur Salagadog rék ngarala awi. Lain saleunjeur dua leunjeur tapi aya puluhna. Dikokojoan langsung ku pa Danu salaku ketua RT, dapuran awi kebon Haji Soléh rék dibabad, dibayarna mah anggeus ti kamari-kamari.

Béh ditueun tangkal limus, Mang Unus jeung balad-balad geus gedak-gedok baé. Bari dituduh-tuduh ku Kang Rusli lebah mana awi anu kolot jeung pantes.

"Belah dieu yeuh." Ceuk Kang Rusli bari udud.

Ari ngala awi mah teu sakaligus ngajungkiring, sabab cocongoanna sok ngarait kana tangkal anu lian. Mantak, pa Danu nitah balad rada réa téh keur bagéan anu medolna. Tim horé saur Égi téa mah. Héhé

Beledag, awi peunggas. Buru-buru baé kuring, Égi, jeung Mang Rusli singkil ngabedol awi bari dangdaunan jeung koropokna disabetan. Teu gampang jeung beurat pisan ngabedolna téh. Lian tikitu, kudu gogorowokan kawas diajar wilangan deuih Kang Rusli mah. Totalitas pisan. Heuheu

"Hiji, dua, tilu!" Barasat awi dibedol.
"Hiji, dua, tilu!"
"Hiji, dua, tilu!"

Teuing éta ngitung asa teu anggeus-anggeus, balikan deui balikan deui. Teu tepung ka angka opat. Heuheu

Kitu baé terus nepika awi ngagubrag tuluy dirapihkeun. Dihijikeun jeung awi nu sanés.

Ari anu dipika sieun tina ngala awi nyaéta ku mérang jeung ku hinisna.

Mimiti kuring tongoy baé barudak nyarelapkeun daun awi kana pésak belah tukang téh, tapi dipikir-pikir naha bet asa hampir kabéh balad mésakan.

"Garélo!" Ceuk pikir.

"Ari Kang Rusli téh naha prustasi teu boga duit atawa kunaon, daun awi diselapkeun dina pésak?" Bari diguyonkeun.

"Ih ari sia, kapan ieu téh palakiah, Bel. Supaya mérang awi teu narapel teuing kana awak, pék cobaan gera, turutan wé tarékah kolot." Témbal Kang Rusli.

Ah, diturutan baé ku abdi téh najan asa teu kaharti ku akal. Saturut-turutna.

"Hiji, dua, tilu!" Barasat awi dibedol deui.
"Hiji, dua, tilu!"

Goak, Égi nahan nyeri bari nuduh-nuduh curukna. "Haduuuh, tulungan ieu curuk kana hinis!"

Gep, curuk Égi ditéwak, dikeupeul satakerna. Gerenyem, Kang Rusli mapatkeun jampé raheut.

"Awi héjo ti némpél ning getih putih. Nimu nanah, nimu getih. Urat papulang-pulang, daging nguwul, lamar panimuan deui getih mangpet kulit rapet, rep saré ku panyiduh putih, waras ku pangéranna, Puah."

Teu lila dibedol bari diciduhan. Ret, orot getih langsung orot anu sakitu abor-aboranna téh, ari kulitna mah angger muka ngan getihna teu kaluar.

"Euh, sakti ieu Kang Rusli!" Ceuk Égi.

"Néangan dun babadotan siah buru, lalaora gawé téh!" Gerentes Kang Rusli.

Émang Kang Rusli mah sok rada bisa kana jumpa-jampé nu kitu téh. Kawas ngubaran budak harééng, nyeri beuteung, jeung anu kasarumahan mah urang lembur ieu geus pasti pada ménta tulungna ka Kang Rusli.

Geus bérés ngala awi, awi geus aya puluhna. Langsung baé diringkid ka lapang leutik gigireun bumi Kang Cepi.  Disusun rapih keur isukan ngamimitian garawé.




•••



Geus aya mereun saminggu katukang, riuangan pamuda Salagadog nyawalakeun hayang nyieun saung tempat ngaji keur barudak pahatulalis. Geus disatujuan ku Pa Danu jeung geus diatur timana meunang duit keur meuli awi jeung sagala rupana.

Keyeng pisan kahayang barudak, hayang aya buah kadeudeuh keur pahatulalis. Maranéhanana udunan sakian rébu séwang keur kaperluan jeung kabutuhan nyieun saung, kuring ogé ilu biung da resep hayang gaul sasarengan.

Teu anéh ari di hiji kampung sok aya baé codékahna, niat alus gé sok aya baé anu sinis.

Geus!

Teu digugu anu kitu mah. Nu penting mah gawé, nyata keur pahatulalis.

•••

Isuk salajengna, sanggeus kamari ngarala awi. Kira-kira jam dalapan barudak geus cingeluk, ngaropi, bari moyan di lapang leutik. Siap-siap rék nangtungkeun awi, nyieun rangka saung.

Torojol Haji Una, nulak cangkéng bari poporongos.

"Mana si Rusli? Déwék rék ngomong, teu ngeunah aing kieu carana mah!" .

"Aya naon Mang Haji?" Témbal Kang Rusli.

"Ari sia teu gableg cedo? Dapuran awi aing béak, awi aing diaralaan, dititah kusaha, jeung ijin kasaha sia? Ari kahayang mah, ngarti kana agama mah teu kitu carana, sagalana gé kudu mipit amit ngala ménta!" Kawas kacang ninggang kajang Haji Una hantem baé nyarék laklak dasar, teu malapah gedang. Barudak mah geus ting haruleng baé.

"Ari Mang Haji, kapan anu kamari diala ku uing mah anu Haji Soléh, geus dibayar deuih." Jéntré Kang Rusli.

"Teu gableg deudeuleuan, anu deukeut tangkal limus, éta anu déwék. Na, sia teu tatanya heula?"

"Kéla, émang heeuh sih kitu téa mah kamari ngala anu deukeut limus. Hampura Mang Haji, da panyanateh éta anu Haji Oléh!"

"Ngeunah wé nyah siah hahampuraan, dapuran awi déwék rata, teu hayang nyaho kudu aya gantina déwék mah!"

"Nya, kieu wé Mang Haji! Keun éta awi abdi anu tanggal waler, da piraku kudu dipelakeun deui mah moal bisa. Itu awi anu Haji Oléh, anu geus dibayar jadi milik Mang Haji, itung-itung hala-hili. Kumaha?"

"Teu sudi déwék ari ditukeuran jeung awi modél kitu, ari silaing ngala awi loba-loba keur naon kerah?" Haji Una keukeuh medengkreng.

Dijelaskeun baé ku Kang Rusli sareng Pa Danu, yén ngala awi téh rék nyieun saung keur ngaji barudak pahatulalis.

Karék Haji Una rada reureuh amarahna.
Satuju éta awi digantian, ku duit sakian ratus rébu. Bari malik ménta hampura da mereun parangsana lain jang barudak pahatulalis.

"Keun wé Pa Danu sareng Kang Rusli anu ngagantian". Pa Danu ngupahan barudak.

Geus réngsé kitu-kieu jeung Haji Una.
Der, barudak mulai digarawé, aya nu bagéan ngukur awi, ngaragaji, ngagali lomang keur nangtungkeun awi, aya anu bagéan utah étah, aya ogé anu bagéan ngudud wé jeung ngudud. Si Égi pisan éta mah. Haha. keun wé da pangramé.



••• 




"Geus sabaraha poé nya euy nyieun saung téh?" Pa Danu nanya.

"Aya mereun opat poé mah Pa." Témbal Kang Rusli. 

Saung geus nangtung, kari ngamparkeun eurih anu geus ditalian, didempét ku awi. Keur hateupna. supaya teu iris mun hujan jeung teu panas mun halodo. 

Lain teu kabeuli kenténg atawa asbés, tapi asa genah wé diropéa ku hateup tina eurih mah. Ongkoh bari hayang ngamumulé kabiasaan kolot baheula. 

Ari anu kabagéan nyangga eurih nyaéta Égi. Bari udud gé, térékél wéh ka luhur, nincak eréng kawas nu heeuh baé. Héhé. 

Sabeulah nyekel udud, sabeulah nampanan eurih ti handap. Mantak paur labuh ninggalina, anggeus digeunggeureuhkeun masih kitu waé, teu daék ngagugu omong batur. 

"Keun siah, mun tiporos mah karasa ku cokorna sorangan." Ceuk Kang Rusli. 

Bener baé, ari gorobas téh Égi tiporos. 
Sukuna anu belah kénca teu meneran nincak eréng, atuh pada nyeungseurikeun. Rék hudang hésé da puguh gé cokorna ngait. Awakna leutik nyangsaya di luhur saung. Kahayang jiga piit meunang moro. Beu. 

"Keun siah karasa nya, hahaha." Kang Rusli nyeungseurikeun. 

"Mang tulungan atuh ieu, duh. Alah siah aing hésé hanyat. Kanyut aing kacepét eréng deuih ieu. Tuluuung!" Égi ménta tulung, pikaseurieun deuih. 

"Moal siah, bongan teu ngawaro." Ceuk Kang Rusli ngaguyonkeun. 

Pada ngaheureuyan, rada lila ogé si Égi nyangsaya. Heuheu. Nya tungtungna ditulungan ogé. 



•••




"Assalamu'alaikum Wr. Wb
Sampurasun,
Ngahaturkeun rébu nuhun ka gusti nu maha agung, ka barudak anu timimiti gawé nepika kiwari, sumangetna masih kénéh aya......" 

Pa Danu pidato dina acara syukuran saung anu geus ngajadi. Barudak yatim jeung piatu ngarariung payuneun Pa Danu. Barungaheun. 

"Tah, barudak ayeuna saung téh geus ngajadi, mudah-mudahan ieu saung téh mangpaat keur balaréa. Sing garetol ngajina, sing soson-soson diajarna. 
Tah, kusabab ieu saung téh buah tina kadeudeuh barudak pamuda ka pahatulalis urang ngaranan baé ieu saung téh, Saung Kadeudeuh, mugya jadi ciri yén urang téh deudeuh ka kujur, deudeuh ka batur, jeung deudeuh ka lembur".

"Aaamiin." Ceuk lobaan. 

"Sakitu baé ti Bapa. Hampunten anu kasuhun. Hampura anu kateda.
Wassalamu'alaikum Wr. Wb." 

Can anggeus pada némbalan salam ti Pa Danu, Égi geus nyorowok. 

"Ayeuna mah bagéan dahar barudak, itu sangu liwet geus asak." 

"Euh, kana nyatu téh ari silaing mah." Ceuk Pa Danu. 

Atuh pada saleuseurian. 
Alhamdulillah, Saung Kadeudeuh tos réngsé. Barudak tambah sumanget ngajina.
Mudah-mudahan éta saung jadi ladang pahala urang sadayana.

Related Posts

2 komentar

  1. Mantapp pisan ieu, cerpon na. Ngeunaheun di bacana, vulgar tapi, pikaseurieun. Eta Haji Una, ceuk urang mah ikhlaskeun supaya janten amal sholeh... tapi salut dah, ka pamuda salagadog luar biasa

    BalasHapus
  2. Heu, nuhun Aka.
    Kembae Haji Una mah tos meunang ngaborogod tikamari ge. Hi

    BalasHapus

Posting Komentar

Subscribe Our Newsletter