Tumpak Garu
"Gera saré, Sarujang! Bisi katinggaleun ngaluluh taneuh."
Kitu kolot baheula mah mun nitah buru-buru saré ka budakna.
Wanci sareureuh budak, geus sabaraha kali boa Ema nitah saré, kuring keukeuh teu bisa. Molotot baé panon téh. Awak mah geus ngagolér ti bérés ngaji gé, tapi panon teu bisa peureum. Asaan téh lelembutan mah geus aya di sawah.
"Tuh tempo incu manéh, alatan dibibita tumpak garu geus hayang buru-buru isuk baé jigana mah." Ema ngagurutu ka Abah.
Abah mah nyengé wé, da émang kanyaahna pisan ka uing mah.
Usum nyambut atawa ngabajak sawah pang ditutungguanna pisan ku kuring. Sabab, kuring bisa milu ngagaru.
Ngagaru nyaéta prosés ngaropéa sawah supaya leutak sawah rata tur beresih tina jukut nu beunang ngawuluku.
Garu nyaéta parabaot tani anu siga wuluku maké papan malang nu handapna dihuntuan ku kai. Teu sabar hayang tumpak garu, genaheun asa naék motor pédah ieu mah di sawah, dina leutak, jeung dibedol ku munding. Héhéhé
Tadi pisan Abah tos hariwes-wes ngajak kuring milu ngagaru, kabeneran pisan isukan peré sakola. Ah, mingkin teu sabar wé hayang gera isuk.
Teuing jam sabaraha boa kuring kasaréan, da asa lila waktu téh sapeuting ieu mah.
Kira-kira jam lima subuh, Abah tos ngageubig-geubig.
"Hudang, Jang! Urang tumpak garu téa."
Koréjat, gancang ka cai, shalat subuh, salin baju butut keur bebelokan, nyarap wéh saayana, da Ema mah titadi gé tos mirun seuneu. Gidig wéh nutur-nutur bujur Abah indit ka sawah.
Mapay-mapay susukan leutik bari sasakali abah ngomékeun cai anu kahalangan runtah, teu jarang cokor tiseureuleu, sieun labuh da galenganna laleueur jaba panon poé can moncorong. Kod kuring digandong. Ngadaplok baé dina tonggong Abah kawas cakcak dina témbok.
Barang nepi ka sawah aya mereun jam satengah genep mah. Munding geus di pasangan garu, teuing jam sabaraha boa Mang Jéjén ka sawahna. Da meni tos sagala siap, kawas Rossi arék balap, nangkring di aréa fitt stop. Héhé. Kitu deui Mang Oman geus ngalelempeng galengan sawah baé.
"Hayoh kadieu, Jang! Urang balap munding." Mang Jéjén bari seuri, katempo pisan kumisna mablang. Atuh kuring buru-buru katengah sawah, térékél wéh kana garu bari satengah dibantuan ku Mang Jéjén da boga awak téh leutik. Aya mereun sagedé botol Yakult mah. Heuheu. Heureuy éta mah.
Teu kuat kuring nyilikitik baé, da ari tumpak garu mah pasti bakal nyanghareupan liang waduk munding. Haha. Jaba sakapeung munding mah sok rajeun modol dimana baé, borocot wéh hareupeun panon pisan. Wkwk
Tapi resep wé, dasar budak.
Jelekér pecut di ceprétkeun, tarik sotéh sorana. Ari nepi kana bujur mundingna mah kur tung-tungnu wungkul, jadi munding moal kasiksa.
Kutuyap wéh munding ngaléngkah, kuring milu ka bawa. Mundingna ogé geus ngarti, mun Mang Jéjén ngagusur garu kabelah kénca berarti méngkol kabelah katuhu, mun digusur kabelah katuhu berarti munding kudu ngajol. Heuheu, maksadna ka kénca.
Kitu baé terus nepika leutak sawah rata jeung bersih tina jukut.
Bungah kacida sapopoé lalajo bujur munding.
Loba pisan kaunggulan tina nyambut sawah maké munding jeung garu téh, diantawisna ramah lingkungan, nyieun taneun jadi subur, palebah tung-tung sawah anu sempit gé bakal ka garu, jeung anu leuwih saéna deui nyaéta ngalestarikeun budaya.
Ayeuna mah geus jarang pisan budak milu ka sawah, da nyambutna gé geus maké traktor. Barudak kiwari jadi teu nyaho resepna ulin di sawah, leuwih jauhna deui nyaéta tata cara ngurus tatanian di sawah.
Nineung pisan ka jaman harita.
Teu karasa kajadian éta geus dalapan belas taun kaliwat. Anak incu mah boa ngalaman, boa moal.


Resep kerennya, eta bujur munding kos kumaha? Sensasi nempo munding modol kuamaha kang?
BalasHapusHaha, pokona mah ngagurimpal.
HapusMunak his Kia arang muput mideur
BalasHapusTah gening asa kaingetan, mun keur nyingkal atawa ngagaru pasti sok aya babasaan kitu.
HapusDuka kang abdi mh teu tega ningali sato di peutan kawas kasiksa satona teh !!! Curhatt
BalasHapusRupina mah ari kolot baheula mah sok aya tarékah supaya munding teu ngarasa kasiksa. Asana téh sanés leres-leres dipecut.
Hapus